Bobodoran Sunda Rumah Sakit Jiwa

Dijual Buku Antik dan Langka



Bobodoran Sunda di Rumah Sakit Jiwa


Pasen Rumah Sakit Jiwa
Salahsaurang pasien ti rumah sakit jiwa aya anu tikerelep. Bajuna rancucut, sirahna cipruk. mangkaning manehna teu bisaeun ngojay, jigana lamun teu kaburu katulungan ... maot.
Isukna si pasién anu tikerelep téh geus ngagantung di kamarna. Létahna ngelél, panonna molotot. Si pasien geus jadi bangké ngagantung-maneh ku tambang.

Atuh saeusi rumah-sakit jadi ibur. Dokter jeung suster oge milu ribut.

Sabalikna ari Si Pasién (batur sakamar) mah tenang-tenang we, sakitu baturna maot ngagantung manéh téh.


Ceuk Dokter ka Si Pasién:

"Cik sugan anjeun nyaho, kumaha ieu téh kajadianana ?" 

Ceuk Si Pasién:

"Apan Dok kamari téh manehna tikerelep tepi karancucut, awakna ngadég-dég siga kabulusan. Kuring téh karunya. Supaya téréh garing, nya ku kuring téh disampaykeun, diangin-angin, digantung dina tambang, hadéna manéhna daékeun ... "
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Bobodoran Sunda Rumah Sakit Jiwa

Posting Komentar