Dongeng Si Kabayan | Hirup mah Heuheuy jeung Deudeuh

Dijual Buku Antik dan Langka

Dongeng Si Kabayan | Hirup mah Heuheuy jeung Deudeuh
Ceuk Si Kabayan "hirup mah heuheuy jeung deudeuh"

Hiji mangsa si Kabayan jeung si Lamsijan arulin ngajugjug ka hiji tempat. Sapanjang jalan si Lamsijan teu weléh gogodeg sabab teu ngarti ku lalampahan si Kabayan. Unggal manggih tanjakan si Kabayan ngagakgak seuseurian siga nu manggih kabungah rongkah. Sabalikna, unggal manggih pudunan manéhna ceurik ngageunggeuik jiga nu kanyenyerian. Banget teu ngarti, tungtungna si Lamsijan nanya:

"Kabayan, kami mah teu ngarti, ku naon unggal manggih tanjakan silaing kalah seuseurian, padahal kami mah kacida susahna sabab nanjak téh capé ? Ari manggih pudunan, hayoh kalah ceurik jiga nu susah, padahal kami mah bungah, sabab leumpang gé ngareunah teu matak capé. Henteu siwah mah silaing téh ?" 

Ceuk Si Kabayan

"Ah, teu gelo teu sing. Silaing wé nu bodo. Ieuh Lamsijan, pangna kami seuseurian mun manggih tanjakan téh, kami mah nyaho mun geus nanjak pasti manggih pudunan. Pan lain matak bungah éta téh? Nu matak kami kalahka seuseurian. Sabalikna mun keur leumpang dina pudunan, kami kacida sedihna, sabab yakin sanggeus béak pudunan, pasti bakal manggih tanjakan. Na dikira ngeunah kitu leumpang di nu nanjak téh? Nu matak tong héran mun kami ceurik sajeroning leumpang mapay pudunan."


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Si Kabayan | Hirup mah Heuheuy jeung Deudeuh

Posting Komentar