Dongeng Sunda | Disangka Jurig

Dijual Buku Antik dan Langka


Dongeng Sunda Disangka Jurig

Kajadian ieu téh kaalaman waktu kuring sok resep kénéh mamakaman. Asal kasebut makam karamat, kajeun dimana tangtu disusul, Dayeuh Luhur di Sumedang, Girilaya, Godog, nepi ka Cirebon geus ka sorang.

Ari ngabakuna mah nu dareukeut kayaning makam Mantricina wétaneun Majalaya, aya sawatara kilo métér mah. Tanggulun, kiduleun Majalaya jeung sajabana. Ari pangremenna mah makam mantricina ka dinya mah lain deukeut-deukeut teuing, ngan duriatan wé, pédah ka dinya mah tara luput, kadang kala aya endoghayam aya welasna. Kalapa aya puluhna, malah aya roti tawar sagala. Sedengkeun jaman harita mah roti tawar téh masih kénéh kaitung barang méwah, teu cara ayeuna.

Ari ka makam téh saminggu dua kali, nya malem senén jeung malem kemis. Aya nu hayang beunghar, aya nu hayang abus digawe, aya nu hayang boga salaki, aya nu hayang nyandung sangkan ulah kapanggih ku nu kolot, wah geus rupa-rupa pisan.

Ari keur kuring mah aya untungna, sabab sok réa susuguh. Tara ieuh jadi omong, da ku nu nyuguh disangka dibawa ku kuncén, ari kuncén nyangka dibawa deui ku nu nyaruguh. Padahal mah kuring Éyangna.

Mun teu salah mah malem senén, ku lantaran aya pekerjaan rumah Aljabar, nya indit téh geus rada peuting. Kira-kira tengah sawah Sukanegla aya nu gegeroan ngénta didagoan. Ari geus deukeut tétéla nu ngageuroan téh budak ngora anu umurna kira-kira 20 taunan. Cenah tas ti Majalaya kaburitan, keueung. Atuh manéhna ngadagoan.

Geus bérés, léos deui ka tonggoh, si budak téh terus nuturkeun. Nepi ka makam anu di jugjug, kuring bébéja ka si budak rék nyimpang heula ka jero makam. Kaciri manéhna kacida ngagebegna. jigana eukeur mah manéhna sieun, tambah kuring rék abus ka kuburan nu poék meredong. Kuring ngajak sasalaman ka manéhna. Satengah teu sadar manéhna bari ngadégdég narima leungeun kuring.

Na atuh barang antel kana kulit, Ari kocéak si budak teh lumpat bari jojorowokan tulung-tulungan. Atuh kuring gé milu sieun. Ngan hadéna nu di makam ngadéngé nu tulung-tulungan ka luar muru nu ngabecir. Kabeneran aya ronda, atuh nu lumpat téh buru-buru ditulungan. Awakna bararéd urut labuh jeung tikararait. Geus rada leler si budak téh ditanya. Paralak dicaritakeun yén papanggih jeung jurig. Atuh kuring barang ngadéngé caritaanana key we teu kuat nahan piseurieun. Saréréa olohok. barang geus dicaritakeun ku kuring yén nu disangka jurig téh kuring pisan, atuh ger saréréa jadi ramé.

Emh dasar borangan ampir wé cilaka ku pamolah sorangan. Katambah-tambah meureun waktu sasalaman leungeun tiis anyar wudu. Kénging: Jojo YM - Dicutat tina: Pangalaman Palamitra majalah Sunda Manglé No. 327 taun 1972
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda | Disangka Jurig

Posting Komentar