Carpon Sunda Baheula - Kawinan

Dijual Buku Antik dan Langka



Kawinan
Tina buku : Panglesu Kalbu
Karangan : Sumitadikarta

Kira wanci asar ahir, meneran hadè sorèna, kuli-kuli ngabrul barudal, marulang ti pagawèan. Dijalan èak-èakan suka seuri jeung baturna, aya ogè nu leumpang bari tungkul teu lèmèk teu nyarèk, ulat mesum ngungun, bangun aya kajadian nu matak susah kamèhna.

Beuki burit beuki ramè, kaganti ku nu pelesir, dokar lurlar, mobil balawiri. Nu laleumpang ngaleut sisi jalan, tingkalosrak sora selop jeung sapatu. Sawarèh aya nu gugundukan tinglalimbung, salèngkah kadua randep, bangun bingung pangjugjugan kawas sèmah tijauhna. 

Reup peuting, bray caang, cahaya listrik ngebrak lir ti beurang.

Hareupeun gedong bioskop ngalimbung anu rèk arasup, aya deui nu ngan ngadon ulin baè, bari ting arilik kana gambar-gambar nu ngabaris di luar. Sawarèh aya nu gadon jajan baè ngaronyok di tukang soto, ngabaris di warung cikopi bari sempalguyon jeung babaturanana.

Beuki peuting tambah jempling, tongtonan kabèh jarempè, jalma-jalma nungtut marulang.

Tapi ari Arga mah jagal di kampung Pangampaan, nu kaitung cukup, harita masih kènèh nyaring, tinggerendeng semu anu keur baradami.

"Akang kacida ngarasa bungahna", cek Arga ka bojona. "Rèh si Nyai, Nyi Iting rèk aya nu mileuheungkeun, turug-turug pangkat deuih, leutik-leutik ogè boga bisluit jurutulis pakgadè nu anyar tèa.


Kamus Sundana kecap - kecap nu aya di luhur

Asar ahir = ngaran waktu kira-kira pukul satengah genep sore.
Teu lèmèk teu nyarèk = teu ngomong sakecap-kecap acan.
Ulat, Pasemon = ekspresi wajah. Conto : paningan Nyi Mimin ulatna mesum ari anyar ditinggalkeun maot ku anakna.
Mesum (paroman, ekspresi) = paroman nu susah teu bèrag. Conto : Najan keur aya kasusah, ka sèmah (tamu) ulah nèmbongkeun paroman mesum, kudu nga-hègar manèh waè.
Ngungun = nguyung. Conto : Najan ngahègar-hègar manèh ogè ari nu keur ngungun mah, katara baè alum.
Ngaronyok = ngumpul ngariung.
Sempalguyon = ngawangkong (ngobrol) bungah (atoh) bari saleuseurian.
Mileuheungkeun (asal kecapna tina leuheung) = ngalumayankeun ngawin.



Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Carpon Sunda Baheula - Kawinan

Posting Komentar