Pesta Kariaan di Garut Jaman Baheula Bagean 6

Dijual Buku Antik dan Langka



Pesta Kariaan di Padesaan Pakidulan Garut Jaman Baheula



Barudak sasamana, awéwé lalaki, nu milu ngarubung-rubung waktu mimiti bret dikeureut di buruan, barudak balad barayana boh barudak tatanggana, nu keur ngarogrog budak sunatan harita, diandum kadaharan, sababaraha nyiru, boh kaolahan boh pasakan, walatra kabagi kabéh.



Ondangan anu terus nungtutan daratang, mani sababaraha bubuhan, kabéh ngaliwatan ka papajangan bari nyelang heula nyecep, nya kitu deui, ti jero imah, kulawargana, balad barayana pada nyarecep ka budak sunatan. Duit kencring mani nyéor kana bokor jeung gentong, ketip talén, duit pésér, duit sén jeung benggol, katut pérak jeung ringgit ngahiji.

Tatabeuhan diluar terus ngageder, teu eureun-eureun, panggung dipaké rombongan réog, ari balandongan urut nabeuh wayang mah dipaké tempat ondangan.

Gancangna carita, dina reup peutingna, nu disebut wengian Wawarian, téa, sugri rombongan tatabeuhan tilas arak - arakan siang, maranggung deui nu lalajo teu kawon ku wengi kamarina.

Tatabeuhan di luar, nu pada ngarogrog téh, rombongan ogél, jeung debusna, katut kamonésan Laisna pintonan Abah Rumanta, anu bisa nyukang dina tambang sami indung suku ditalikeun dina tungtung dua tihang awi gombong, luhurna 20 méteran, anggangna 15 méteran.

Atanapi tiasa nangkuban dina tungtung tihang awi téa, bari muterkeun badanna cara kolécér sareng sajabina.

Dupi di balandongan wengi éta téh, aya pintonan Nyalawat Gembrung. Waditrana terebang badag opat, ditabeuhna disalpokeun kieu kakuping: Bruk! Bruk! Brung! Bruk !Bruk brung! Bengbrukbreng brung! Bengbruk-breng brung! Namung irama sareng ritme katut tempona rupi-rupi numutkeun lalaguan vokalna, nu diluluguan ku dalangna sapertos gondang.

Dupi vokal lalaguanana, rnirip sareng vokal ngabojégna juru pantun, dina raraména, waditra cepengan masing-masing dioper-oper dina gerak nu kilat, namung irama sareng ritmena teu robih.

Onjoyna, nalika nabeuh bari adu tonggong baluligir, diganjel ku popongkol haur konéng, teras bari silih gésrék, haur konéngna janten bubuk, ancur tapi tonggong maranéhna mah teu cécél-bocél.

Tos kitu aya dua jalmi asup ka pakalangan, baluligir teras adu silih gitik silih piting, silih suduk silih tubruk, puncakna silih totog ku talutug seukeut tina haur konéng, namung pada tapis, rajeun aya nu keuna, panotogna kalah ngambul, teu teurak.

Cag dugi ka dieu heula, ieu cariosan téh sanés wangwangan, namung karaos, kaalaman di lebet kulawarga sim kuring pribadi di pakidulan Kab. Garut dina taun 1940'an. TAMAT.
Tina: Majalah Sunda Mangle No. 1721. Ku: Ubun Rustandi. Bagean: 1 2 3 4 5 6


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Pesta Kariaan di Garut Jaman Baheula Bagean 6

Posting Komentar