Dongeng Sunda ti Cililin Jaman Baheula

Dijual Buku Antik dan Langka


Sakakala Gunung Putri jeung Gunung Asép Roké

Kacaturkeun jaman baheula aya putri anu geulis kawanti-wanti 
éndah kabina-bina. Ku tina geulis-geulisna éta putri, réa pisan lalaki nu mikahayang. Boh putra Raja boh turunan cacah (miskin), réa nu geus balaka hayang migarwa. Tapi taya nu bisa laksana. Sakur nu kungsi ngalamar téh balik léngoh bari kuciwa. 

Demi sababna, unggal aya nu ngalamar putri téh sok aya paménta. Paméntana rupa-rupa, tapi tétéla taya nu hampang. Lamun teu bisa nedunan paméntana, wayahna panglamarna teu ditarima.

Geus aya puluhna lalaki nu gagal lantaran teu bisa nedunan kahayang putri. Najan kitu, teu bisa kukumaha. Teu wani ngunghak campelak ka éta putri najan kahayangna teu laksana ogé. Ari sababna, lian ti geulis tééta putri jeung sakti deuih. Pangabisana lain bantrak-bantrakeun.

Sakali mangsa, kurunyung aya lalaki nepungan ka éta putri. Eta lalaki téh urang padésan, ngaranna Asép Roké. Maksudna nepungan putri seja ngalamar. Nyi Putri henteu nolak, Tapi nya éta boga paménta.

Pokna téh: "Heug baé kami jadi pamajikan anjeun, asal anjeun bisa nedunan kahayang kami. Anjeun didagoan di dieu nepi ka wanci surup panonpoé. Datang deui kudu mawa munding nu baplang tandukna. Lamun éta teu ngabukti, wayahna moal jadi dipisalaki."

Asép Roké indit bari gedé haté. Ceuk pikirna, naon héséna néangan munding baplang ! Manéhma geus ujub yén bakal jadi salaki putri. Inditna téh bari gumbira pisan. Tapi, buktina mah bet nyalahan.

Waktu panonpoé geus rék surup, Asép Roké di jalan kénéh. Can nepi ka tempat putri. Padahal munding nu tandukna baplang téh geus katungtun ku manéhna. Ngan elat waktuna baé.

Barang reup panonpoé surup, Asép Roké kakara nepi ka pasawahan. Teu sakumaha jauhna ti patempatan putri téa. Keur kitu, ujug-ujug reg baé munding téh eureun, teu daék dibawa leumpang. Mugen di dinya. Asép Rokpohara kagetna, barang ngalieuk ka tukang, munding téh bet jadi batu ! Ras Asép Roké inget ka putri nu kasohor luhung élmuna. Moal boa kajadian kitu téh nya lantaran pangawasa putri téa.

Cul baé munding nu geus jadi batu éh ditinggalkeun. Berebet manéhna lumpat, muru ka tempat putri. Teu ku hanteu, barang nepi ka deukeut panganjrekan putri, Asép Roké gé robah jadi arca batu. Nya kitu deui putri téa, manéhna gé jadi arca.

Lila ti lila, tempat Asép Roké jadi arca téh ngajadi gunung. Nepi ka ayeuna nelah gunung Asép Roké. Nya kitu deui tempat putri téa, jadi gunung deuih. Kasebutna gunung Putri.

Ari batu robahan tina munding nu dibawa ku Asép Roke téa, katelah Batu Munding. Ayana di daérah Rancapanggung, Cililin Kabupatén Bandung.



Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda ti Cililin Jaman Baheula

Posting Komentar