Sajak Sunda Santolo Hiji Poe

Dijual Buku Antik dan Langka

Santolo Hiji Poe : Karangan Soni Farid Maulana


I

Najan bulan medar kaéndahan na pucuk ombak
Najan balébat silih usap jeung pucuk lambak
najan simpé ngarandakah dina dada
Najan jam demi jam mautan hinis umur
nu ngésétan urat saraf
Najan pajaratan ligar jeroeun kalbu
Laut teu weléh ngemu rusiah kahirupan

II

Sanggeus hujan jeung banjir cimata
Ngalahirkeun laut nu gumuruh ku ombak
Jeung lambak bangbaluh
Parahu nu balayar ka arah kiblat
sanggeus rewuan umatna nolak cahaya
Nu mampuh nyaangan lulurung kalbu nu peteng

Ti harita laut ngumbara kaman boa
Beurang peuting teu pernah reureuh
Milang lembur demi lembur
Bari tetep rusiah ngayun-ngambing Nuh
Ka hiji tempat nu lénglang
Taya reureuk pihujaneun taya walungan cimata

III

Teunggeul kuring ku tongkat anjeun
Ceuk laut, bari ngaharéwos ka Musa. Saharita
Laut nyingraykeun hijabna
Réwuan balad Fir'aun kagémbang ku kaéndahanana
Basa laut nutupkeun deui hijabna
Maranéhanana ngajerit séwang-séwangan jantungna
Diseuseup ajal langka ledis. Tiharita laut
Teu weléh ngagalindeng ngemu kasedih

VI

Kadieunakeun ti Nederland
Ka pulo Jawa: parahu nu baheula
Ditumpakan Nuh saparakanca
Balayar deui ngakut urang Walanda
Laut tetep rusiah ngemu maksud
Maranéhanana, najan angin mudalkeun
Amarahna; tangka ombak jeung lambak
Ngabangingik gumulung ka basisir

Ti pulao Jawa ka Nederlan parahu
Nu bieu balayar deui mulang ka asal
bari ngakut kaayaan alam
Katut produk budaya titinggal karuhun
Gusti, horéng 350 taun
Bangsa Indonesia dikakaya Walanda
Nu pajar manéh ceuk awal paniatanana
Muka jalur perekonomian, bari rék
Manjangkeun tali silaturahmi
Jeung para karuhun abdi. Aéh geuning
Haté maranéhna ngukut maung édan
Katut ajag nu teu weléh lapar
Ngadodoho peucang boroanana !

V

Kiwari sanggeus televisi jeung video
Ngambah lembur demi lembur; sapasang
Rumaja ocon di basisir
bari seuri ngagakgak silih udag silih tangkeup
Maranehna kapincut adegan romantis
Film Amerika katut gaya hirup nu ngagungkeun séx bébas

"Cinta akang ka nyai lir cai laut
Nu biru Hamo laas dirérab matapoé."
Ceuk rumaja lalakina bari neuteup
Papacanganana
Sanggeus birahi gumulung séwang-séwang

Salapan bulan leuwih saminggu ti harita
Saha nu miceun orok ka basisir ? Leungeun
jeung jajantungna béak dihakan anjing.
Laut ceurik balilihan nembag karang
Tangka bencar
Tapi laut tetep rusiah ngagulung
Kalakay demi kalakay carita
Nu hangru ku getih jeung nanah zaman ..."

Pameungpeuk, 1989
Tina buku: Kalakay Mega - Kumpulan Sajak Soni Farid Maulana. Geger Sunten 1997.



Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sajak Sunda Santolo Hiji Poe

Posting Komentar