Ngaran-Ngaran Wangunan Dina Basa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka

Rupa-Rupa Wangunan Dina Basa Sunda


jongko, warung : tempat dagang, di pasar biasana eusina pinuh ku jongko
palalangon : saung luhur di leuweung atawa di huma paranti ngintip sato atawa nungguan huma
leuit : gudang tempat nyimpen paré
gosali: tempat gawéna panday (pandai besi)
bédéng : imah-imah atawa adegan leutik paragi nu digarawé proyék wangunan jeung di kebon (rumah kecil tempat orang yang bekerja di kebun/ proyek bangunan)
gedong: imah alus (bagus) tur badag (gede) anu biasana ditémbok
joglo: adegan imah leutik basajan (bentuk rumah kecil)
balé kambang : imaha anu diwangun disaluhureun balong, jsb. ('kambang' 'ngambang'), (yang dibangun diatas kolam, empang, dll)
poporogok : imah siga saung, leutik tapi lumayan
pakuwon : pakarangan tur imah nu sorangan
ranggon : saung anu luhur pisan kolongna atawa anu diwangun dina tangkal kai nu luhur
régol : panto gedé lawang pakarangan (en:gate, de: tor)
saung : adegan leutik, biasana teu didindingan, ayana di sawah, kebon, paranti reureuh.

babancong : wangunan leutik di sisi alun-alun baheula, panggung paragi gegedén, ayeuna mah siga tempat nu nongton kelas VIP di stadion.
balandongan : adegan samentara pikeun narima sémah dinu hajat atawa tempat hiburan.
balé désa : kantor pamong désa (kantor desa)
balé kota : kantor walikota atawa bupati
balé watangan : pangadilan
gedong songko : imah bupati baheula
kadaton :  karaton
pandapa (pendopo): tepas lega bagian hareup gedong kawadanaan, balé kota, jsb.
kaputrén: bumi jeung pasaréan (tempat tidur) putri raja
kaputran: bumi jeung pasaréan putra raja
bénténg: adegan anu tohaga, biasana ngurilingan kota pikeun nahan panarajang musuh
bui, panjara: paragi ngerem jelema nu meunang hukuman.


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Ngaran-Ngaran Wangunan Dina Basa Sunda

Posting Komentar