Sajak Sunda Baheula - Aki jeung Balon

Dijual Buku Antik dan Langka

Sajak Sunda Baheula Aki jeung Balon


Aki jeung Balon 

Beurat teuing léngkah aki ngukur jalan
kota Bandung geus biasa ku aki mah diléngkahan
dibaturan ku sobat ngaran rancatan
anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan

kakapalan kukudaan tarompét henteu tinggalan
geus biasa unggal poé ka unggal budak nawarkeun
ujang geulis, yeuh tingali barang aki
geura  galeuh keur ameng engké di bumi

aki ... !!! abdi mah da hoyong balon
deudeuh teuing kasép di aki mah henteu aya
niupna gé aki mah geus teu kawasa
ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
ari aki sakieu nya kakolotan

mending ogé kasép ieu yeuh kokolécéran
lamun angin mutérna téh aduh ku lelet pisan
resep teuing ngké ameng lulumpatan

Aki ... !!! ka dieu ... !!! kétang da abdi mah moal meuli
ulah kitu kasép bet abong ka aki-aki
ceuk sepuh mah kasép ngaheureuyan téh pamali

hiji dua léngkah teuing beuratna
aya haté milu lewang paur umurna bret pegat
teuing di mana si aki tetep nya matuh
boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung
ngan nu nyata kulitna asak ka poé

aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing nu nulungan
aki, mun ngajoprak di jambatan di mana nya pamatuhan
aki, mun pegat di jalan saha anu ngarawatan
aki ... !!! aki ... !!! rék ka mana lamun panon poé sare ... Kénging Ami Raksanagara Dicutat tina Sipatahoenan, November 1960

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sajak Sunda Baheula - Aki jeung Balon

Posting Komentar