Artina Paribasa Uyah mah Tara Tees ka Luhur

Dijual Buku Antik dan Langka

uartina paribasa uyah mah tara tees kaluhur


Uyah mah Tara Téés ka Luhur

Anu ngaranna uyah mah téésna téh ka handap. Téés téh bisa dihartikeun ku nyerep. Jadi, uyah mah nyerepna téh ka handap. Sanajan kitu, sabenerna mah da lain uyah wungkul anu nyerep ka handap téh. Aya barang atawa perkara séjén anu nyerepna ka handap, saperti cai.

Dilarapkeun kana uyah téh kusabab uyah mah miboga rasa anu mandiri nyaéta asin. Kabéh uyah rasana téh asin. Jadi lamun hiji barang atawa perkara atawa dahareun kaserepan ku uyah pasti jadi miluan asin, sakumaha rasa uyah. Jadi hal ieu anu jadi ciri naon sababna anu diobrolkeun téh ngeunaan uyah. Uyah lamun nyerep kana barang anu aya dihandapeunana (lamun neundeun uyah dihijikeun reujeung barang atawa kadaharan séjén), éta barang atawa kadaharan téh milu miboga rasa asin.

Ieu hal téh nuduhkeun kana perkara atawa kaayaan dina kahirupan. Uyah reujeung barang atawa kadaharan anu diteundeun téh nuduhkeun kana jalma anu aya dina hiji rundayan. Sedengkeun ari asin nuduhkeun kana pasipatan jalma. Uyah anu miboga sipat anu mandiri bakal mangaruhan kana pasipatan barang atawa kadaharan anu aya di handapeunana. Kusabab kitu, kadaharan atawa barang anu di handapeunana téh bakal miboga rasa asin, sarua reujeung rasa uyah.

Dina hiji kulawarga, anu miboga rundayan turunan, bakal nyarupaan kana ieu kaayaan. Pasipatan kolot bakal nyerep kana pasipatan rundayanana. Jadi pasipatan rundayan atawa turunanan, bakal kapangaruhan ku pasipatan kolotna. Sumber

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Artina Paribasa Uyah mah Tara Tees ka Luhur

Posting Komentar