Dongeng Sunda Si Rawing

Dijual Buku Antik dan Langka

dongeng sunda dina radio taun 90an


Dongeng Sunda Dina Radio Taun 90an
Ngeunaan dongéng dina radio, lumayan loba lalakon anu dicaritakeun. Anu masih kénéh kainget mah dina taun 90-an aya dongéng anu kacida kawentarna nyaéta dongéng anu judulna Si Rawing. Dongéng Si Rawing nyaritakeun ngeunaan ngalalakonna Darma anu ceulina rawing kusabab kasabet ku Bah Béwok maké bedog. Dongéng Si Rawing mangrupakeun lalakon dongéng anu panjang, lila pisan arék tamatna. Teuing sabaraha lila tamatna téh. Malahan apanan nepikeun ka aya pilm-na sagala.

Dongéng Si Rawing didongéngkeun ku Wa Képoh. Wa Képoh mangrupakeun salasaurang tukang ngadongéng anu kahot, bisa nyarita rupa-rupa sora, ti mimiti sora lalaki nepikeun ka sora awéwé. Ngan radio anu nyiarkeun ieu dongéng poho deui, teuing galura radio naon.

Salian ti dongéng anu lalakonna Si Rawing, aya deui lalakon séjénna. Saperti lalakon Kasan Dara Sandra, Si Buntung Jago Tutugan, Doni Ajo, Ajag Bodas, Nyi Ganting jeung lalakon séjénna anu lamun ditataan mah lumayan loba (ngan kalolobaanana mah poho deui).

Sedengkeun anu ngadongéngna salian ti Wa Képoh, aya ogé Mang Bahar, Mang Jaya, Mang Engkos, jeung nu séjénna. Pokona mah moal kurang tukang ngadongéngna mah. Aya sababaraha pilihan anu ngadongéng jeung lalakon dongéngna. Da biasana mah euweuh dua urang tukang ngadongéng anu ngadongéngkeun hiji lalakon. Sumber


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Si Rawing

Posting Komentar