Obat Jerawat Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka

obat jerwat bahasa sunda


Obat Éwateun
Aya nu nyarita,"Kudu-kudu teuing diributkeun pilakadar gé éwateun, moamatak ngabongkorkeun laku."

Bener kitu téa mah, tapi kapan najan teu matak bongkor kalakuan ogé, tapi isul laleutik téh kacida matak ngagangguna. jaba ngaganggu kana kaalusan beungeut, ngaganggu kana kaalusan kulit beungeut deuih.

Naon atuh anu nyababkeun éwateun téh ?

Éwateun atawa jarawat, acna vulgaris basa asingna mah, nya éta panyakit kulit anu biasa kaalaman ku nonoman umur 14-20 taunan.

Dina mangsa umur sakitu kapan nu disebut meujeuhna belekesenteng téh, meujeuhna dolog kana gawé, munasabah lamun loba gerak, loba merlukeun tanaga. Kulantaran kitu kelenjar-kelenjar minyak nu dijieun dina kulit ogé loba. Mun kalobaan teuing nya timbul éwateun. Biasana jadina téh dina beungeut, dina tonggong jeung dina dada. Aya tilu, aya nu gedé. Atuh karasana gé béda, aya nu ngan ukur ateul, aya ogé nu nyerii lantaran aya nanahan.

Pacuan ulah dipencét, bisi amburadul jeung tapakna kaciri harideung. KOmo lamun tuluy infeksi mah matak leuwih bahaya.

Dua kali sapoé mah kudu sibeungeut ku cai haneut  kuku. Eureunan barang dahar anu ngandung gajih, minyak, gula, jeung tipung sarta ulah ngalobakeun ngadahar gogoréngan.

Inuman anu ngandung alkohol kudu dijauhan. Mun bisa mah entéh, kopi jeung coklat gé kdu rada dikurangan. Kudu ngalobakeun ngadahar sayuran jeung bubuahan. Cenah, lobi-lobi nu alus pisan pikeun nyegah éwateun mah.

Ubar tradisionalna.
geus loba nu ngajual ubar éwateun téh, boh nu mangrupa salep, tablet boh nu mangrupa jajamu jeung lulur. Tapi taya salahna lamun urang terang ubarna nu bisa dipigawé ku sorangan :

  1. Unggal rék saré leukeunan balur ku tomat asak meunang meulah.
  2. Unggal rék saré balur ku caliningcing halu meunang marud maké uyah sauetik.
  3. Asem kawak saguruntul dicaian, uyahan sautik, balurkeun unggal rék saré.
  4. Bonténg meunang motong 2 atawa 3 di gosokkeun kana beungeut nu aya éwateunana, pigawé unggal rék saré.
  5. Konéng gedé 2 buku curuk, asem kawak 2 buku curuk, cai beresih 4 gelas. Godogkeun nepi ka tingal setengahna. Mun geus tiis saring, ngaleueutna 2 kali sagelas sadinten.
  6. Daun jinten setengah keupeul, laja sacuruk, konéng gedé saramo, asem kawak dua buku curuk, hades saséndok téh, palasari saramo, cikur cikur dua ramo, cai beresih 6 gelas. Digodog nepi ka tinggal 3 gelseun. Mun geus tiis disaring. Leueut 3 kali sagelas sadinten. Cag. resep dicutat tina : Cabé Puyang Warisan Nenek Moyang.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Obat Jerawat Bahasa Sunda

Posting Komentar