Dongeng Sunda Sakadang Puyuh

Dijual Buku Antik dan Langka






Hiji mangsa Sakadang Puyuh kacida sediheunana, sabab anakna sadua-dua nu karék gumuling teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban. Sabot indung jeung bapa puyuh ka luar tina sayang rék neangan hakaneun keur anakna, ari balik anakna geus teu aya.

Nu aya téh ukur getih ucrat-acrét. Puyuh curiga ka beurit, sabab geus lila Si Monyong teh ulal-elol kawas nu keur ngintip. Malah puyuh meunang beja ti canghégar nu tara bohong, cenah enya kungsi nangenan beurit ka luar tina sayang puyuh bari sungutna pinuh ku getih. Cangéhgar teu bisa nulungan da Si Monyong kaburu kabur.

Bakat ku ngenes harita kénéh puyuh jalu jeung bikang, indit ka sayang dadali. Barang geus panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih haténa.
Dadali nyanggupan mangnurkeun kasedih puyuh, cenah Si Monyong rék dijejewét.

Ti harita dadali sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weulehgular-giler ka handap nempoan sugan beurit téa ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah dadali nyamber Si Monyong. Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapeun tunggul, ti harita nu diincer ku dadali téh teu ka luar deui.

Ari beurit sangges rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa diancam ku dadali, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan. Manéhna teu bisa meuntas. Keur huleng jentul di sisi wahangan, naha atuh ar gajlok teh bangkong hejo ka hareupeunana. Puguh wé beurit téh kacida reuwaseunana, disangkana dadali ngudag. Ceuk beurit, "alah sampean mah ngareureuwas...!"

"Naha make reuwas Sakadang Beurit kawas nu boga dosa...!" ceuk bangkong. "Rék ka mana ieu teh wayah kieu geus aya di dieu ...? ceuk bangkong deui.

Ngadengé omongan bangkong kitu beurit téh balaham-béléhém asa kasindiran. Tungtungna mah beurit weléh hayang dipangmeuntaskeun sabab cenah aya perlu ka beulah ditu. Bangkong nyanggupan ngan cenah isuk dimana geus caang sabab harita mah poék kénéh.

Isukna bangkong nalian suku beurit beulah hareup. Tungtung tali nu sabeulahna deui ditalikeun kana sukuna beulah tukang. Geus kitu gajlog bangkong ka wahangan atuh beurit kagugusur.  Ti dinya mah soloyong bangkong téh beurateun biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun batur.

Barang nepi ka tengah-tengah wahangan, bangkong téh hayang ngaheureuykeun beurit. Ti dinya bangkong téh teuleum ka dasar wahangan. Atuh beurit ge kabawa. Beurit gogorowokan embung dibawa teuteuleuman da cenah eungap. Tapi ku bangkong teu didengé, lep deui teuleum. Ku sabab sababaraha kali di bawa teuleum,tungtungna beurit nepi ka hanteuna, paéh. Geus kitu mah bangkong seuri bari ambang-ambangan.

Keur kitu teu kanyahoan ti tadina, kalayang dadali nu ngincer beurit ti kamari, seot nyamber beurit nu geus jadi bangké,ber dibawa hiber ka awang-awang. Atuh bangkong gé kabawa, roroésan paureun, da tara biasa ngapung.

Mokaha wé poé éta dadali meunang kauntungan. Sanggeus meakeun beurit nu sakitu lintuhna, bibilasna ku bangkong hejo.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sakadang Puyuh

Posting Komentar