Dongeng Sunda Aki-Aki Hade Budi Bagean ka 2

Dijual Buku Antik dan Langka



AKI-AKI HADE BUDI


Ceuk Aki-aki teh : " Euuh, naha kitu Sakadang Oray? kula geus nulungan maneh tina bahaya seuneu. Mun teu aya kula andika baris renghek.
"Bener maneh teh geus nulungan kami tina bahaya pati ku seuneu. Tapi ayeuna maneh kudu nulungan deui kami tina bahaya lapar. Sabab kami sarua
bae kudu paeh lamun teu nyatu. mah !

" Eeeh engke heula,asa teu kaharti. Budi kula ka andika nulungan ngajait paati, bet dibales telenges ?Da di kula mah di manusa, kudunna hutang budi balesbudi, hutang apti bayar pati,hutang uyah,bayar uyah. Maneh mah hutang budi ka kaula, tapi mayar ku pati! " ceuk Aki-aki.

Ceuk Oray-Kuda : "Budi-budi kumaha,geuningnyatana mah rek maehan rek telenges. Kula sina paeh kalaparan lantaran taya hakaneun. Mending paeh kaduruk, tinimbang paeh ku lapaar mah. Hayu padu di Hakim ge, mo teu kula nu bener. Tuh tanyakeun ka Sapi geura nu kabeneran liwat.

Ceuk Sapi : Bener sakadang Oray !!! Kudu dipaehan manusa mah. Omong wungkul hutang budi bales budi. Buktina kula keur ngora, sakumaha boa susu kula dialaan keur manusa. Komo anak kula jalu mah saharita dijual, matak nyeri hate. Nya anak dijual, nya susu dialaan. Salaki kula keur ngora dipeleter sina ngawuluku tea,sina ngaroda tea, Ari geus kolot siga kula ayeuna,bet dijual ka jagal. Kula teh rek dipeuncit isukan, jadi hirup teh sapoe deui ieu. Mana nyatana ladang budi kaula ka manusa teh?Bener ki Oray ulah sina hirup lila-lila manusa mah!

"His" ceuk Aki-aki" Atuda eta mah bagean manusa ti Pangeran. Sakur nu kumelip di duunya, keur manusa. Dibere hak ku Pangeran dahar daging sapi, susu sapi, ngagawekeun sapi, munding, kuda!"

Ceuk Oray-kuda : " kula ge boga boga hak cara manusa. Da dibere kabisa macok jeung dibere peurah paranti ngala dahareun teh. Sarta kula ge dibere wewenang macok saha bae nu kapanggih,teu kudu sapi, teu kudu jelema. Mana bae nu heula kapanggih ti heula ari hayang dahar mah!"

Aki-aki teu eleh akal : "tadi Oray ngajak ka Hakim. Ari hakim mah teu kaci saksina ngan saurang, tapi kudu tilu!"

Ceuk Ora: " Heg atuh,urang neangan deui. Tuh tangkal kupa urang tanya."

Ceuk Tangkal-Kupa : " Bohong manusa mah,hutang jasa dibayaaar jasa teh! Kula ge saban taun dialaan buah kula, kitu deui dulur-dulur kula.

Pamalesna mah ari kula teu buahan deui,ditutuhan ditaluaran. Dulur-dulr kula mah kabeh dijieun suluh, kari kula sorangan. Mana pamales ti manusa? Da buktina males lara. Cok we ka dinyah Oray, tong dilila-lila!".

Ceuk Aki-aki teh : " Euuh, naha kitu Sakadang Oray? kula geus nulungan maneh tina bahaya seuneu. Mun teu aya kula andika baris renghek.
"Bener maneh teh geus nulungan kami tina bahaya pati ku seuneu. Tapi ayeuna maneh kudu nulungan deui kami tina bahaya lapar. Sabab kami sarua
bae kudu paeh lamun teu nyatu. mah !

" Eeeh engke heula,asa teu kaharti. Budi kula ka andika nulungan ngajait paati, bet dibales telenges ?Da di kula mah di manusa, kudunna hutang budi balesbudi, hutang apti bayar pati,hutang uyah,bayar uyah. Maneh mah hutang budi ka kaula, tapi mayar ku pati! " ceuk Aki-aki.

Ceuk Oray-Kuda : "Budi-budi kumaha,geuningnyatana mah rek maehan rek telenges. Kula sina paeh kalaparan lantaran taya hakaneun. Mending paeh kaduruk, tinimbang paeh ku lapaar mah. Hayu padu di Hakim ge, mo teu kula nu bener. Tuh tanyakeun ka Sapi geura nu kabeneran liwat.

Ceuk Sapi : Bener sakadang Oray !!! Kudu dipaehan manusa mah. Omong wungkul hutang budi bales budi. Buktina kula keur ngora, sakumaha boa susu kula dialaan keur manusa. Komo anak kula jalu mah saharita dijual, matak nyeri hate. Nya anak dijual, nya susu dialaan. Salaki kula keur ngora dipeleter sina ngawuluku tea,sina ngaroda tea, Ari geus kolot siga kula ayeuna,bet dijual ka jagal. Kula teh rek dipeuncit isukan, jadi hirup teh sapoe deui ieu. Mana nyatana ladang budi kaula ka manusa teh?Bener ki Oray ulah sina hirup lila-lila manusa mah!

"His" ceuk Aki-aki" Atuda eta mah bagean manusa ti Pangeran. Sakur nu kumelip di duunya, keur manusa. Dibere hak ku Pangeran dahar daging sapi, susu sapi, ngagawekeun sapi, munding, kuda!"

Ceuk Oray-kuda : " kula ge boga boga hak cara manusa. Da dibere kabisa macok jeung dibere peurah paranti ngala dahareun teh. Sarta kula ge dibere wewenang macok saha bae nu kapanggih,teu kudu sapi, teu kudu jelema. Mana bae nu heula kapanggih ti heula ari hayang dahar mah!"

Aki-aki teu eleh akal : " tadi Oray ngajak ka Hakim. Ari hakim mah teu kaci saksina ngan saurang, tapi kudu tilu!"

Ceuk Ora: " Heg atuh,urang neangan deui. Tuh tangkal kupa urang tanya."

Ceuk Tangkal-Kupa : " Bohong manusa mah,hutang jasa dibayaaar jasa teh! Kula ge saban taun dialaan buah kula, kitu deui dulur-dulur kula.

Pamalesna mah ari kula teu buahan deui,ditutuhan ditaluaran. Dulur-dulr kula mah kabeh dijieun suluh, kari kula sorangan. Mana pamales ti manusa? Da buktina males lara. Cok we ka dinyah Oray, tong dilila-lila!"

Nyambung ka bagean 3 klik di dieu ...
Nyambung ka Bagean-3 TAMAT
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Aki-Aki Hade Budi Bagean ka 2

Posting Komentar