Dongeng Sunda Aki-Aki Hade Budi Bagean ka-3

Dijual Buku Antik dan Langka



AKI-AKI HADE BUDI


Ceuk Aki-aki: "Sanajan kula geus dielehkeun ku dua saksi, kulacan pasrah lamun can ku tiluan. "Hatena mah Aki-aki teh muntang neneda ka Pangeran sangkan aya sih piwelas Gusti anu Maha Asih, manehna bisa salamet.

Ceuk Oray_Kuda : "Heug,ulah kapalang ari maneh panasaran keneh mah. Tuh,aya Peucang ngaliwat!"

Ceuk Peucang: " Ah teu ngarti,Oray sakitu gedena make bisa asup kana kadut sakitu leutikna ! Bohong ah teu percaya kami mah. Da Ki Oray mah sok ngabohong ongkoh. Sakali bohong tetep mo beunang dipercaya.

+ Teu percaya silaing teh peucang....!" ceuk Si Oray_Kuda.
-  Teu .... !" Ceuk Peucang bari gogodeg sabari jeba-jebi.
+ Mun teu percaya,tenjokeun ku sia! ceuk Oray_kuda bari pek ngaleutikkeun deui awakna,bus kanu kadut.

+ Kadeuleu ku maneh, Peucang ?"
- Katenjo ! tapi eta geuning molongo kadutna?"
+ Talian deui ku maneh Aki, cara tadi sina kadeuleueun tah ku Si Peot!" ceuk Oray ka Si Aki-aki.

Ret bae ditalian ku Aki-aki teh. Barang geus ditalian deui, Peucang ngiceupan bari ngaharewos: "Alungkeun deui tuh kana seuneu sina renghek! Da tadi ge manehna rek jadi parab seuneu!"

Teu kudu dua kali dititah,lung bae kana seuneu ruhay dialungkeun Si Oray-Kuda dina kadut teh, nepi ka renghek.

Pitulung Pangeran Nu Maha Asih ka makhulukna anu hade budi, Aki-aki salamet. TAMAT
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Aki-Aki Hade Budi Bagean ka-3

Posting Komentar