Dipati Ukur Tokoh Sajarah Atawa Sastra Bagean 3

Dijual Buku Antik dan Langka


DIPATI UKUR TOKOH SAJARAH ATAWA SASTRA ?

Dipati Ukur ku carita Dipati Ukur wedalan Talaga digambarkeun sabage tokoh anu lain pahlawan,tapi oge lain pemberontak. Dipati Ukur geus ditawan sarta dipenjara beusi ku tentara Mataram. Waktu rek dibawa ka Mataram,ditundung ku Pangeran Aria Salingsingan nepi ka salamet henteu dihukum ku Susuhunan Mataram. 
Ari ku wedalan Bandung mah Dipati Ukur teh diaku sabage putra daerahna ngabela kahormatan diri,rahayat jeung ngabela lemah caina.

Diapti Ukur digambarkeun sabage conto nu alus pikeun pamingpin rahayat sajati jeung panglima perang anu kagungan sipat satria. Pasipatan,sikep jeung tindakan Dipati Ukur bener-bener hade digambarkeunana,picontoeun sarerea. Sigana ieu teh dihaja,sabab nurutkeunnn katerangan nu ngaluarkeunnana :
PAngurus Daya Sunda Pusat gaduh kayakinan,saupami di tatar Sunda rea putra Sunda anu kahaman sareng pasipatanana sapertos Dipati Ukur dina dongeng ieu,kawasna dina jaman riweuh kieu sapertos ajeuna teh,moal gupuy-gapay enggoning milaripipamingpineun". Oge supaya jadi conto pikeun nu ngarora di jaman harita. (Buku Dipati Ukur wedalan Bandung dikaluarkeun ku Daya Sunda Pusat taun 1960 nu ngarangna oge anggota Daya Sunda Pusat).

Jadi tetela boh nu ngarang,bo nu ngaluarkeun buku ngabogaan tujuan husus.
Diantarana pasipatan Dipati Ukur digambarkeun: "Mungguhing ki Ukur lain bae pinter calakan jeung rosa tanagana,tapi estu lain jajaka samanea,kuat lahir jeung batinna. Ari adat tabeatna,ka nu leutik ka nu gede hade tata hade basa,someah jeung hade budi". (Buku Diapati Ukur. I.kaa 11).
"Raden Ukur satria wijig pinilih terah Galuh Pajajaran,rundayan ti Siliwangi waspada permana tingal". (Op.Cit.II.kaca 33).

Waktu Dipati Ukur dipilih jadi Bupati Ukur ku rahayatna,anjeunna ngeedalkeun pamadegananan kieu: "enggoning jadi bupati,ngaheuyeukkk Tatar Ukur,satiasa-tiasa bae oge mandang pamuja atawa pamuji,sarta panghormat anu di-implik=imlian ku pangoloan jeung pangarahan, Dina sagala tindakann kaula moal arek maliding sanak atawa pilih kasih"(Op.it.II.kaca 51-52).Tegesna ,Dipati Ukur,nurutkeun wedalan Bandung,mangrupa hiji pahlawan patriot.

Lamun ditilik tina jihad waktu lahir carita sikep pangarang carita Dipati Ukur ka tokoh Dipati Ukur ngalaman robah-roba,boh dina wedalna Galuh. Sukapura,Sumedang jeung wedalan Bandung. Unggal jaman sikep pangarang ka tokoh Dipati Ukur teu sarua. Dumasar kana bedana sikep pangarang ka tokoh Dipati Ukur,carita Dipati Ukur bisa dibagi tilu jaman,nya eta carita Dipati Ukur nu lahir dina abad XvIII masehi,abad XIX jeung carita Dipati Ukur abad XX Masehi. Saenyana carita Dipati Ukur abad XX masih keneh bisa dibagi dua tahap,nya etacarita Dipati Ukur awal abad XX jeung pertengahan abad XX.

Umumna pangarang carita Dipati Ukur anu kahir dina abad XVIII sikepna  henteu jelas dina ngagmbarkeun tokoh Dipati Ukur. Pribadi pangarangna (subyektivitasna) saperti henteu asup kana jero karanganana. Pangarang leuwih deukeutsaperti nu nyusun sajarah (kisah sajarah). Pikeun nyaritakeun kajadian-kajadian ngeunaan Dipati Ukur dina mangsa katukang. Kajadian-kajadian dicaritakeun sawajarna,henteu dibungbuan ku hal-hal nu bisa ngahudangkeun batin nu maca. Jalan caritana henteu hirup. Ditilik tina ajen sastra kiwari mah bisa jadi kurang pisan. Jalan caritana oge pondok.

Beda deui jeung carita Dipati Ukur nu gelar dina abad XIX. Pangarang carita Dipati Ukur dina jaman ieu mah kalawan ees tur nembrak nembongkeun sikepna ngeunaantokoh Dipati Ukur. Ngan meh kabeh pangarang carita Dipati Ukurdina jaman ieuuu meunteun Dipati Ukur sabage pemberontak,saperti nu geus ditembrakeun di luhur dina wedalan Galuh,Sukapura jeung wedalan Sumedang. Malah wedalan Galuh mah kalawan tandes nyebutkeun "si Ukur gera paehan" Ari dina wedalan Talaga sanajan henteu nyebutkeun sabage pahlawan. Nu matak pangarang carita Dipati Ukur wedalan Talaga sikepna kitu,rupana disebutkeun yen Mataram kungsi ngarurug. Nyambung ka bagean 4 ...  

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dipati Ukur Tokoh Sajarah Atawa Sastra Bagean 3

Posting Komentar