Dipati Ukur Tokoh Sajarah Atawa Sastra 2

Dijual Buku Antik dan Langka

DIPATI UKUR TOKOH SAJARAH ATAWA SASTRA?


Sambungan Tina Bagean ka 1
Ayeuna urang nilik tokoh Dipati UKUr tina widang sastra. arita Dipati Ukur sabagian gede bisa digolongkeun kana hasil sastra tibatan hasil sajarah (sajarah euk harti jaman kiwari). Kusabab kitu timbulna gambaran tokoh DiPati Ukur anu beda-beda teh dilantarankeun ku sikep pangarangna ka tokoh Dipati Ukur anu beda-beda,bisa jadi aya hubunganana jeung tempat asalna carita, asal- usul pangarangna jeung tempat asalna carita,asal-usul pangarangna jeung waktu dikarangna. Sabab hiji kanyataan yen carita Dipati Ukur aya dina naskah-naskah jeung karangan-karanganna beda-beda.

Ditilik tina tempat asalna jeung asal-usul pangarangna,carita Dipati Ukur ku sim kuring geus kapanggih bisa dibagi jadi lima model carita Dipati Ukur,nya eta wedalan Galuh. Sukapura,Talaga,Sumedang jeung wedalan Bandung. Poko jeung galur eta lima carita wedalan carita Dipati Ukur bisa disebutkeun sarua. Tapi dijerona ngandung eusi jeung bagian carita anu beda.

Poko jeung galur carita Dipati Ukur bisa diringkeskeun jadi opat bagian :

1. Dipati Ukur sabage Wadana Bupati Umbul 44 (Priangan) bawahan Mataram.

2.Dipati Ukur milu ngarurug Kumpeni di Batawi kalawan parentah Susuhunan Mataram,tapi teu hasil.

3.Dipati Ukur baruntak ka susuhunan Mataram.

4.Pangangkatan Bupati-bupati di Priangan (reoganisasi).

Ari sabada antara wedalan carita Dipati Ukur nonjolkeun tokoh daerahna masing-masing,di sagigireun nonjolkeun tokoh Dipati Ukur.
Nonjol di dieu tegesna nonjol lalakon hirupna,pribadina atawa asal dina mangaruhan jalan carita. Carita Dipati Ukurwedalannn Galuh,upamana kacida nonjolkeun tokoh Bupati Imbanagara Raden Panji Aria Jayanagara jeung Bagus Sukapura nonjolkeun tokoh Ngabehi Wirawangsa (Umbul Sukakerta),wedalan Talaga nonjolkeun Pangeran Aria Salingsingan,wedalan Sumedang nonjolkeun Bupati Sumedang.

Ari carita Dipati Ukur wedalan Bandung mah wungkul nonjolkeun tokoh Dipati Ukurna bibit buit daerah Bandung (Batulayang).

Carita Dipati Ukur wedalan Galuh,Sukapura jeung Sumedang ngagambarkeun Dipati Ukur sabage tokoh pemberontak nu rek ngalawan ka saluhureun dunungan,ceuk dina carita Dipati Ukur wedalan Galu: "sumadi mati kinetok aluk isun mogol(tibatan paeh diteukteuk beuheung). kuring mending barontak". Naskah Lor.7399 (5). Sipat sikep jeung tingkah laku Dipati Ukur digambarkeun teu hade;katembong dina ucapan Dipati Ukur dina carita Dipati Ukur wedalan Sukapura: "Ayeuna lamun mupakat,leuwih hade ngumbar sakarep pribadi,sabab sanajanna wangsul,neda hampura Sultan,moal enya digugu satungtung rambut,karana ki Bahureksa,moal wande yen istori,ngagogoreng lampah urang,tina jalan nya bongan urangteu gugon kana pirempug. Ayeuna mah kapalang. Sanajan urang sumujud tisusuluduk,saestu geus tanpa guna,sabab moal dipalire. Leuwih hade urang pada,masang baris ati-ati jaga diri,pikeun numbu-numbu umur,bari urang sugan-sugan memeh paeh pada ngantep najur napsu. Naon baenya kasuka,turutkeun sakarep ati".(Naskah Lor.787858). Nyambung ka bagean 3 ...

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dipati Ukur Tokoh Sajarah Atawa Sastra 2

Posting Komentar