Dipati Ukur Tokoh Sajarah Atawa Sastra Bagean 4

Dijual Buku Antik dan Langka


DIPATI UKUR SAJARAH ATAWA TOKOH SASTRA ?

Sambungan ti bagean 3

Dina atetean poean urang Walanda samasakali jenengan tokoh Dipati Ukur henteu disebut-sebut. Dina eta catetan ngan disebutkaeun daerah Ukur,rahaya Ukur,utusan rayat Ukur jeung pamingpin rahayat Ukur. Tapi catetan poean urang Walanda daiatrana netelakeun yen:

1.Rahayat Ukur milu ngarurug Kumpeni di Batavia (Agustus 1628).
2.Rahayat Ukur ninggalkeun medan perang (Oktober 1628).
3.Tentara Mataram numpes rahayat Ukur nu barontak (1631-1633).

Katerangan tina catetan poean urang Walanda nu kasebut di luhur tetela saluyu jeung poko katut galur arita Dipati Ukur anu kaungel dina naskah-naskah nu disusun kubangsa urang ti wewengkon Priangan. Eta fakta-fakta teh loba saluyuna oge jeung carita Dipati Ukuranu dina naskahnaskah nu asalna ti Jawa Tengah (Babad Sengkolo,Babad Kraton,Babad Tanah Jawi,Babad Nitik) jeung naskah nu asalna ti Banten (Babad Banten-Sajarah Banten),bari aya oge anu bedana, (Naskah-naskah ti Jawa Tengah jeung Banten dikarang sanggeus leuwih ti 100 tahun tina kajadianana).

Saperti dina catetan Poean urang Walanda dina naskah-naskah ti Jawa tengah oge henteu nyebut jenengan tokoh Dipati Ukur. Nu disebutkeun teh nya eta rahayat Ukur jeung daerah Ukur. Tapi ari dina naskah-naskah ti Banten mah jenengan Dipati Ukur teh disebutkeun. Bisa jadi hal eta teh kusabab urang Walanda teu terangeun kanajenengan pamingpin rayat Ukur,ku sabab perhatianana mangsa harita ngan di daerah basisir wungkul: hal-hal nu jauh ti palabuan mah henteu dipaluruh. Ari pangarang naskah-naskah di Jawa Tengah,sigana pohoeun deui kana jenengan Dipati Ukur, sabab waktu antara kajadian jeung ngarangna jauh teuing atawa memang teu terangeun kana jenengan Dipati Ukur.

Sakumaha nu geus disebutkeun di luhur,nurutkeun naskah-naskah ti Priangan,yen sanggeus pangbarontakan Dipati Ukur ditumpes ku tentara Mataram, di wewengkon Priangan disusun pamarentahan anyar (reorganisasi pamarentahan). Ti wangkid harita muncul kabupaten-kabupaten nyar,nya eta Bandung,Parakanmuncang,Sukapura,Kawesan,ari kabupaten-kabupaten nu geus aya ti samemehna,saperti Galuh,Sumedang,Cianjur,eta kabupaten sakabehna kabawh ku Mataram nepi ka taun 1667. Ari timimiti tahun 1667 wewengkon Priangan ku Mataram dipasrahkeun ka kumpeni (urang Walanda),minangka numpes pangbarontakan Trunajaya. Tapi sanajan kakawasan dipasrahkeun ka Walanda,ari kabupaten-kabupaten mah tetep ngadeg sorangan sarta pamarentahanana dicekel ku Bupati munggaran di eta kabupaten).

Lantara kakuatan Kumpeni masih leutik keneh sarta hojahna (perhatianana) dipuseurkeun kana buniaga di daerah basisir nepi ka abad XIII Masehi kakawaaan Kumpeni di Priangan masih tacan gede . Kumpeni henteu pipilueun kana urusan pamarentahna pribumi (kabupaten). Asal unggaltaun dikirim hasil tatanen nu bisa didagangkeun minangka tanda satia Bupati-bupati ka Kumpeni.
Sakitu ogegeus cukup. Tapi ti mimiti jaman jaman Gupernur Jenderal Daendels mah,babakuna sanggeus kaluar undang-undang Pamarentahan (1809),kakawasaan urang Walanda di lemah cai urang Walanda jadi pipilueun kana urusan pamarentahan urang pribumi.  
Nyambung ka bagean 5 ....


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dipati Ukur Tokoh Sajarah Atawa Sastra Bagean 4

Posting Komentar