Dongeng Sunda Taun 70'an | Sapatu Nur Elah

Dijual Buku Antik dan Langka




Cersil
Si Buntung Jago Tutugan



Gara - Gara Dongeng Sapatu Nur Èlah
Keur urang Sunda Tamara Sunda anu ayeuna keur meujeuhna pogot ngadengekeun dongéng mah, moal aya anu bireuk deui kana ngaran Tahir S. Paliba téh, di sagigireun tokoh-tokoh dongeng Sunda jaman baheula saperti: Si Buntung Jago Tutugan, Nur Èlah, Abah Jamil, Ujang Sirod, Si Késén, Abah Punduh, Soniangsih, Dén Jaman, Néng Mini, jeung sajabana.
Lamun anu bieu ditataan panderi téh tokoh-tokoh dina dongéng, tapi ari nu saurang nu disebut pangheulana nya éta Tahir S. Paliba mah lain tokoh dongéng, tapi kamashurna  mah leuwih ti tokoh-tokoh dongéng anu manéhna kaasup salah sahiji studio, radio swasta pikeun kapentingan pausahaanana nya éta pausahaan sapatu.
Ari di kalangan anu ngadarangukeun mah manéhna téh katelah "tukang ngagokan dongeng" (iklan) pangumuman ana waktu keur dibarandungan.

Tahir S. Paliba téh asalna urang Sulawesi, manéhna kacida rapekanan, pinuh ku daya cipta sarta ngarti kana kahayang jaman. Kamajuaan pausahaanana bisa nandingan pausahaan-pausahaan Cina.

Ari anu jadi bukur catur di lembur-lembur, bahan pabéja-béja di desa, teu euweuheun jadi lalab rumbah carita di kota nya eta ku pokalna "Tahir" pausahaan sapatu. Anyar-anyar ieu geus nyieun  sapatu buta anu cenah mah panggedéna di sakuliah dunya, nya éta anu dingaranan sapatu "Nur Èlah" Nurutkeun katerangan, ieu Sapatu teh jangkungna dua métér, gedéna ngaleuwihan dreum sarta beuratna 250 kilometer (dua setengah kwintal). Dijieun tina kulit sapi, tepi ka méakeun kulit tilu sapieun.


Tapi lain ngan saukur kitu hojahna Tahir, bari ngabonceng kana "dong
éng sabada magrib" manehna ngembarkeun saembara anu eusina "sing saha anu bisa ngangkat ieu sapatu lilana samenit bakal diberé hadiah lobana sajuta".


Meunang béja kitu, atuh puguh tiditu-tidieu pada hayang milu saembara, sajaba ti ahli-ahli sepor, nepi ka nini-nini jeung aki-aki anu umurna leuwih ti 100 taun ogé maké aya andar milu saémbara. Kawilang hébat ieu saémbara téh! Komo bari ditambahan ku keletas-keletis, cenah anu bakal bisa ngangkat éta sapatu téh lain ahli-ahli sepor anu baredas, tapi aki-aki anu umurna ti 100 taun, sabab manehna bakal maké "tanaga jero" (tanaga gaib).

Poe juma'ah harita téh, tanggal 17 Oktober 1975. Samemeh prung padungdung.


Naa ana leugeudeut teh jalma-jalma ti suklakna ti siklukna daratang hayang nyaksian saembara. Lantaran tempat saémbara ngan maké rohangan disisi jalan  nya eta hareupeun toko sapatu di jalan Kopo No. 320. A Bandung, atuh anu rék nongton téh teu kawadahan, antukna breg baé jalan kapendet, ieu jalan téh gedé anu kawilang salah sahiji jalan pangramena, nya eta liliwatan nu ngahubungkeun Bandung, Margahayu-Soréang, Ciwidéy.


Lebah dieu titajongna Tahir, lantaran anu hayang nyaksian sa
émbara mangrébu-rébu tepi teu kapernahkeun, jalan ka tutup tepi ka aya 5 km salila 7 jam, nya éta ti pukul dua belas beurang tepi ka pukul genep soré. Rupa-rupa tutumpakan minuhan jalan, teu puguh alang ujurna. Mundur teu bisa maju teu bisa.


Dina prungna loba nu dagang jeung jelema kaleyek, malah b
éca ogé aya kana "tiluwelasna" anu ruksak lantaran kasered sarta terus  dirarumpak. Nu lalajo lain baé ngan sauukur ngaliud pasedek-sedek di handap, tapi ogé loba pisan anu tingterekel naék kanan suhunan imah batur jeung kana benténg tembok.


Keur meujeuhna raramena nyaksian anu aduregeng nyoba-nyoba ngajungjungkeun sapatu buta naa ana bru teh tembok benteng pabrik tinun rubuh. Sajaba jalma-jalma anu reuteum diluhur benténg kabawa ragrag, atuh jalma-jalma anu dihandap ogé katinggang ku bata urut tembok benténg. Nu cilaka sarta taratu pating golépak.

Antukna saembara disetop ku nu wajib, sapatu buta "Nur Èlah" dibawa kana mobil Scogar. Tahir anu asalna ngarasa untung duit saémbara euweuh nu meunangkeun sarta ngarasa pausahaanana meunang perhatian anu lain lumayan, ahirna kapaksa ngarasa dag dig dug ogé. Sabab sajaba ti dipariksa ku nu wajib lantaran ngayakeun raraméan saémbara tanpa idin, ogé ti ditu tidieu ménta parurugi. Aya-aya baé. Dicutat tina: Koran Sunda Kujang Kenging : Mang Ana


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Taun 70'an | Sapatu Nur Elah

Posting Komentar