Paribasa Sunda Bagian D Dulang Tinande

Dijual Buku Antik dan Langka

PARIBASA JEUNG BABASAN.


Dagang pindang di Cirebon <>Dagang pindang ka tempat nyieunna,jadi moal payu.

Dah bawang dah kapas<>tah barangna tah duitna.

Dagang oncom rancatan emas<>ari modalna gede kacida,ngan batina anu diarah kacida leutikna.

Daluang katinggang mangsi<>Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).

Dahar kawas meri<>uprat-apret jeung ngaremeh.

Daharna sakeser daun<>daharna mindeng pisang(sering dahar).

Desa maca cara nagara mawa tata<>ngagambarkeun yen kaayaan jeung adat kabiasaan di desa jeung kota (nagara) teh beda-beda.

Deukeut deukeut anak taleus<>ari imahna deukeut,ngan hanjakal teu nyaho tibaheula yen dulur.

Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton<>jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.

Dihurunsuluhkeun disakompetdaunkeun<>disamarutkeun jeung nu boga dosa.

Dikungkung teu diawur,dicangcang teu diparaban<>Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.

Dihin pinasti anyar pinanggih<>sagala nu kaalaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku nu kawasa.

Dipiamis buah gintung<>disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.

Disakompet daunkeun<>dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.

Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi<>dialak-ilik lantaran dianggap aneh.

Dogong dogong tulak cau,geus gede dituar batur <> nungguan jeung ngolo parawan ti keur leutik keneh,sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.

Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup <> lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.

Dogdog pangrewong <> bantuan anu euweuh hartina,dina teu aya oge teu naon naon.

Dosa salaput hulu <> loba pisan dosa.

Dulang tinande <> awewe mah biasana kumaha lalaki.

Duum tinggi <> lamun ngabagikeun nanaon teh sok tara adil aya nu saeutik aya nu loba

Deukeut-deukeut anak taleus <>s akitu padeukeut teu nyaho ayakajadian penting disalahsaurang antara maranehna.

Deukeut deuleu pondok lengkah <> kurang pamandangan jeung teu bebas dina indit-inditan.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Paribasa Sunda Bagian D Dulang Tinande

Posting Komentar