Biografi Bahasa Sunda Jenderal Sudirman

Dijual Buku Antik dan Langka

image biografi bahasa sunda jenderal sudirman


Biografi Jenderal Sudirman
Jenderal Sudirman salah sawios pahlawan nu ngabela kamerdekaan. Dina yuswa nu anom keneh anjeunna parantos tiasa mingpin pasukan, malah mah janten panglima besar.

Sudirman dilahirkeun di Bodas Karangjati, Kacamatan Purbalingga dina tanggal 24 Januari 1916. Anjeunna nu ngabina TKR atawa Tentara Keamanan Rakyat anu engkena ngajadi TNI atawa Tentara Nasional Indonesia.

Hanjakal anjeunna teh ngagaduhan panyawat paru-paru nu parna malahan sabeulah paru-paruna parantos reksak.Tapi sok sanajan kitu sumangetna tetep ngagedur. Sumengetna dianggo conto kupara pamuda. Dina kaayan nu sakitu ripuhna anjeunna tetep mingpin pasukan gerilya.

Anjeunna ditandu asup leuweung kaluar leuweung,unggah gunung turun gunung, umpama aya nu lungkawing anjeunna lungsur tina tandu, teras mapay-mapay jalan satapak.

Nya anjeunna nu mingpin numpes gorombolan PKI nu ngacowkeun di kota Madiun. Kacipta upama eta PKI tea atuh sakitu licikna, sakitu jahatna.

Waktos anjeunna lungsur di leuweung tempat ngagerilya panyawatna nambihan abot. Anjeunna dicandak ka Magelang teras titirah di Taman Badakan. Harita teh pabeubeurang kaping 29 Januari 1950 panyawatna wales pisan, sesah kanggo ditulungna, dina jam 18.30 anjeunna ngantunkeun dipundut ku nu Rahayu.

Pak Dirman tos teu aya, namung sumenget anjeunna tetep ngagedur dina dada sakurna bangsa Indonesia. Dicutat tina: Carakan Pangajaran Basa Sunda

Wawacan Purnama Alam - Ratna Suminar Nepangan Dewi Pramanik
Dongeng Sunda Si Rawing
Dongeng Sunda Sasakala Gunung Cupu Purwakarta
Carita Wayang Bahasa Sunda Sugriwa jeung Subali
Biografi Bahasa Sunda Oto Iskandar Dinata
Dongeng Sunda Baheula Si Dirun
Carita Budak Tukang Lalajo Wayang
Sejarah Bandung Dina Bahasa Sunda
Biografi Dewi Sartika Dina Bahasa Sunda
Dongeng Sunda Si Kabayan Hitut
Sejarah Cadas Pangeran Bahasa Sunda
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Biografi Bahasa Sunda Jenderal Sudirman

Posting Komentar