Tanjungkerta Sajak Sunda Karya Yus Rusyana

Dijual Buku Antik dan Langka



Tanjungkerta/Yus Rusyana

Mégana, euleuh mégana ku suciputih
Turun nyium embun-embun gunung anu ngalamuk
Umpalan di sawah paré keur rampak
Di kolong, dina balong tinggulusur lauk

Kalapa sapaparat tambakan leubeut ku buah
Peuteuy, jeruk, kadu, mareuhmeuy ngan kari tanggah
Tinggolontor cipancuran, ku linduk di jero tanjug
Aya ku tentren, euleuh ku tumaninah
Ieu haté ngadadak sadrah

Lir karuhun nu baheula ngabedah
Nyadiakeun incu putu betah-bumetah
Ku gedé kadeudeuh ka taneuh maneuh
Tempat digawé jeung ngareureuh

Lir karuhun nu baheula ngabedah
Nyadiakeun incu putu betah-bumetah
Ku gedé tanggung jawab lalaki, Ujang
lantaran kudu ngaraksa saban jeunkal tanah
Pikeun incu putu betah-bumetah...
1966. Dicutat tina majalah Wangswit no. 6. 1976

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Tanjungkerta Sajak Sunda Karya Yus Rusyana

Posting Komentar