Kamus Sunda A Sampai W

Dijual Buku Antik dan Langka

Kamus Sunda A Sampai W



  • Adigung : Takabur, boga rasa punjul ti batur.
  • Agul : Resep nyaritakeun atawa nembongkeun kabisa atawa pangaboga
  • Ancad laer : Nyaritana anca pisan atawa laun.
  • Angguklung : Gede hulu, adigung.
  • Ancin : Cemi, daharna saeutik.
  • Aral : Teu sugema ku kayaan.
  • Andalemi : Lungguh timpuh, lemes tingkah lakuna.



  • Balabah : Berehan, daek barang bere kabatur.
  • Bahula : Teu nurut kanu parentah.
  • Basangkal : Budak nu teu nurut ka kolot.
  • Baragajul : Sesebutan ka jalma anu kalakuanna teu eucreug.
  • Banci : Lalaki anu kalakuanana cara awewe.
  • Baketut : Pasemon nu camberut, goreng budi, goreng semu.
  • Basilat : Licik, teu jujur, curang.
  • Bakakasikang : Awewe anu kalakuananacara lalaki.
  • Bangor : Nakal, badeur, pikasebeleun, teu nurut kana panyarek.
  • Barangasan : Babarian ambek.
  • Bawel : Cerewed, loba ngomong (awewe)
  • Berewit : Babarian katerap panyakit, mindeng gering, atawa budak nu rea kahayang tur hese dicumponana.
  • Bedang : Wangkelang, begedong, murugul mawaa karep sorangan.
  • Binekas : Perceka, pinter, loba pokal nu aralus, kreatif.
  • Bodo : Belet, kuled uteuk, hese ngarti, hese diajar.
  • Biko : Bodo
  • Binangkit : Cakep, rea kabisa.
  • Boyot : Kendor (leumpang) bangun barerat awak.
  • Bodo Alewoh : Bodo tapi daek tatanya.
  • Bodo Katoloyo : Bodo bari tara daek tatanya.
  • Bolon : Can pati nyaho bebeneran, balata-baloto keneh.
  • Borangan : Eweuh kawani



  • Calutak : Saharti jeung caluntang
  • Calakan : Babari ngarti kana pangajaran atawa kana hal nu anyar.
  • Calimud : Daek ceceremed, cocorokot, panjang leungeun.
  • Cakep : Bisa milampah pagawean sakumaha mistina.
  • Caluntang : Teu make bemakrama, teu ngupama ka jalma saluhureun.
  • Campoleh : Lelewodeh, henteu junun, lalawora kana gawe.
  • Canteng : Tegep, gandang pertentang.
  • Careraman : Budak nu kabitaan ku barang nu aya di batur, tuluy mentaaa.
  • Capetang : Pinter tur lancar ngomong (biasana di larapkeun kana budak)
  • Celembeng : Loba ngomong (Budak leutik)
  • Cerewed : Awewe nu rewel, loba ngomong
  • Cidra : Teu nohonan jangji, jalir.
  • Cileureun : Balangah, teu nenjo nu ngaganggu barang nu keur dijaga.
  • Cemi : Daharna saeutik.
  • Cilimit 1  :  Budak nu resep ngaheureuyan ka awewe
  • Cilimit  2 : Sok menta kadaharan nu aya di batur.
  • Cirigih : Budak nu resep ngaheureuyan batur.
  • Cologog : Kalakuan nu teu make tatakrama.
  • Cucud : Milampah hiji hal kalawan terus terusan (leukeun) tepi ka jacungna, teu kapalang dina gawe.
  • Codeka : Laku lampang goreng ka batur.
  • Cucungah : Calutak, nyaluntang, ngalawan kana parentah kolot.
  • Cuih : Sagala di beja beja, beuki teuing ngomong.
  • Culika : Julir, resep nyusahkeun atawa nyilakakeun batur.
  • Cudek : Tungi, goreng budi, omonganana teu matak resep.
  • Culanggung : Belegug, teu hormat, teu nyaho tatakrama.
  • Curaling : Sok resep pullang-paling, teu beunang di percaya.
  • Cupet : Bodo, heureut panalar.
  • Cumenos : Budak nyanyahoanan.
  • Curang : Licik, sok ngagunakeun akal tarekah kotor pikeun kauntungan diri sorangan.



  • Daria : Migawe hiji hal kalawan enya-enya, teu lelewodeh.
  • Dahdahneng :Budak kalakuanana sakapeung ngogo. Sakapeung ngagalakan.
  • Darugian : Teu payaan, babari pundung (budak)
  • Dedegler : Gampang teu teunggeul bari tara asa asa, taya rasasaan.
  • Degig : Apilain ka nu geus wawuh, teu nanya nanya acan, sombong.
  • Deleka : Julig, resep nyusahkeun batur.
  • Delitan : Budak babari pundung, hese kacumponan kahayangna teu kaopan.
  • Dengki : Goreng hate, sok nyilakakeun batur.
  • Deugeul : Kurang ingetan.
  • Doroi : Julig, resep nyilakakeun batur.
  • Dolim : Nempatkeun perkara lain dina hakna, teu adil, bengis.
  • Durjana : Jahat, goreng lampah.
  • Dursila : Goreng lampang, teu ngendahkeun kasusilaan.



  • Elodan : Babari kagoda ku sual sual sejen dina keur ngajalankeun papancen, henteu junun dina gawe atawa di ajar.
  • Epesmeer : Babarian ceurik atawa jejeritan mun manggih kanyeri.
  • Eucreug : Bener, beres dina gawe jeung laku lampah.
  • Eusleum : Rada gelo, kurang ingetan.



  • Gagabah : Lalawora, kurang ati ati.
  • Gedebul : Gede bohong, gede wadul.
  • Gelenye : Awewe nu laku lampahna matak pikabitaeun lalaki, sarta biasana teu puguh adatna.
  • Gehgeran : Nurutan omongan batur (bari reuwas)
  • Gebleg/Gelo : Burung, teu waras ingetan.
  • Gentur : Getol ngulik elmu, cucud, leket atawa sudud.
  • Geten : Tulaten, nembongkeun ka jelema ( pangpangsa ka kolot).
  • Gejul : Kurang ingatan.
  • Getol : Daekan, daek atawa resep digawe.
  • Gujih : Ngarasa punjul ti batur lantaran boga barang nu eweuh di batur.
  • Gorejag : Babarian hudang.
  • Gumanti : Ati ati, saregep.
  • Gumenak : Memenakan, niron nrion menak sabab hayang disebut menak, adigung.
  • Guranyih : Resep nembong nembongkeun barang kaboga atawa resep nukeur nukeurkeun barang nu anyar keneh dipiboga.



  • Haat : Hade hate, resep migawe kehadean teu karana buruhan atawa pujian.
  • Harak : Gakang, galak, resep ngaganggu, nyusahkeun atawa nyilakakeun batur
  • Handap lanyap : Hormat tapi matak nyentug kanu hate.
  • Handap Asor : Daek ngahormat ka batur.
  • Haripeut : Gancang narima pamere, kancang nurut kana pangajak.
  • Hariweusweus : Haliwu, nyarita bari rada gugup lantarang manggih kareuwas, kasieun, atawa kaget.
  • Hasud : Dengki, teu resep nempo batur senang.
  • Harung gampung : Sompral, ngomong sangeunahna. Babarian ambek.
  • Hawek : Hayang sagala keur sorangan, sagala rupa hayang, panglobana.
  • Heman : Nyaah bari sok barang bere atawa mindek ngalongokan.
  • Hianat : Cidra, nyalahgunakeun amanat, nyilakakeun, biluk ka musuh.
  • Hideng : Nyaho naon nu kudu dilampahkeun sapopoe dina waktuna, nyaho di tempat sorangan.



  • Jalingeur : Tanginas, cangker
  • Jabat : Goreng lampah, goreng patekadan.
  • Jalingkak : Awewe nu boga tingkah kawas lalaki.
  • Jarambah : Resep ulin atawa resep indit-inditan jauh.
  • Janglar : Bisa nandangan kasusah, teu dipake nguluwut.
  • Jatmika : Alus budi matak kayungyun.
  • Jatnika : Mulya, senang.
  • Jeceh : Reeus, agul, mindeng nempoan atawa ngilikan barang nu keur dipake, atawa mindeng nembongkeun barang kaboga( dilarapkeun kana kalakuan budak).
  • Jengle : Budak awewe nu teu daek cicing, loba tingkah bari gumeulis.
  • Joledar : Lalawora nyumponan kawajiban, teu tulaten ka nu jadi baraya atawa kolot.
  • Jete : Gumeulis, teu daek cicing, supaya meunang perhatian.
  • Jucung : Migawe hiji hal tepi ka rengse, beres tamat.
  • Jujur : Tara nyumput-nyalindungkeun hiji pasualan, tara milampah serong, teu kagoda ku ruruba.
  • Judes : Kucem, goreng budi, resep sesentak.



  • Karooh : Mikahayang barang teu pira, barang saeutik, atawa nu eweuh pangajina.
  • Kancolah : Loba tingkah.
  • Kecing : Borangan, kasieunan.
  • Kedul : Tara daek barang gawe.
  • Kesit : Tangginas, gancang tur beres dina milampah pagawean.
  • Keukeureuweut : Terus terusan ngadongsok, ngolo, hayang kana barang nu aya di tangan batur kalawan satengah maksa.
  • Kodomoyo : Boyot, sagala nu kendor (leumpang, digawe), henteu tanginas.
  • Koret/Kumed : Medit, tara daek barang bere.
  • Kuuleun : Taya guam, eweuh kadaek.



  • Lalawora : Gagabah, teu ati ati, teu gumati.
  • Lancang : Kurang ajar, teu sopan ka saluhureun.
  • Lanca-Linci : Laca-lece, luncak mulang, teu tigin kana jangji.
  • Lelewodeh : Lalawora.
  • Leleda : Kendor, alon alon dina milampah hiji pagawean.
  • Leukeun : Daek ngeureuyeuh digawe
  • Leumpeuhyuni : Babari kapangaruhan, teu tahan gogoda.
  • Lihay : Pinter kodek, loba akal bulus.
  • Limpeuran : Pohoan ( nu geus kolot)
  • Linglung : Limpeuran loba poho.
  • Linyok : Kalakuan nipu atawa ngabohong.
  • Liwar : Notorekkeun maneh, teu ngagugu kana parentah atawa pepeling.
  • Luhung/Linihung : Luhur budi, mulya hate sarta luhur elmu panemu.



  • Mencedel : Moyodok, goreng gawe, tara kabubuatan.
  • Medit : Koret, tara daek barangbere.
  • Melid : Kedul, mumulan, tara daek barang gawe.
  • Melencing : Kedul, mindeng teu datang ka pagawean.
  • Merewedeng : Kekeuh mawa karep sorangan.
  • Motekar : Ngalampahkeun rupa rupa usaha pikeun nambahan kanyaho atawa pikeun ngomean nasib.



  • Nalaktak : Budak nu resep ujlan ajlengan, tataeka jeung sajabana. Nu matak nyilakakeun.
  • Nakal : Bangor
  • Ngekrek : Koret, medit, tara daek barang bere.
  • Ngeleyed : Nyabudi ucing, kawas nu lungguh tapi mun bongoh ti batur sok milampah pagawean nu teu uni.
  • Ngulet : Resep hudang beurang, padahal geus nyaring.
  • Nurustunjung : Notorogan, teu boga kaera matak cua.
  • Nirca : Nista, nyimpang tina papagon agama jeung darigama.



  • Owah : Gelo, kurang ingetan
  • Owel : Ngarasa lebar ku barang nu teu sabaraha hargana.



  • Pangeretan : Awewe atawa lalaki tukang tipu, ngarah duit atawa banda ti jalma nu didiekuetna.
  • Pasagi/Masagi : Sagal bisa.
  • Peupeuleukeuk : Nonjolkeun maneh kawas nu pinter loba kabisa, jajagoanan, padahal henteu.
  • Pertentang : Capetang, bisa nyarita, gandang.
  • Poksang : Wani nyaritakeun kakurangan atawa kasalahan batur dihareupeunana tir tara didingding kelir.



  • Rapekan : Daekan digawe migawe rupa rupa pagawean.
  • Rancage : Cakep, rea kabisa.
  • Rancingeus : Tanginas, cakep.
  • Rewel : Loba omong anu matak pikapusingeun.
  • Rewog : Gembul, daharna gancang tur loba.
  • Ririwit : Geringan
  • Rucah : Resep ngalajur napsu.
  • Rucita : Binangkit, rea kabisa.



  • Sabar : Tawekal dina ngarandapan kasusah atawa musibah.
  • Saliwang : Sok salah denge atawaa salah harti.
  • Singer : Hade gawe, hideng, tara nunggu parentah.
  • Sombong : Gede omong, ngagulkeun maneh, takabur.
  • Someah : Akuan tur amis budi, darehdeh ( ka semah ).
  • Sompral : Kawas nu eweuh kasieun, meh sarua jeung sombong, nyarita sangeunahna.
  • Sonagar : Wanter, teu eraan dina pasemon, wani nyanghareupan saluhureun bari tetep make tatakrama.
  • Songong : Heuras genggerong, teu nembongkeun hormat ka saluhureun dina cacarita.
  • Suhud : Saregep, enya enya ngajalakeun pagawean.



  • Tangginas : Rikat, cepet ngagerakkeun awak atawa anggahotana.
  • Taledor : Lalawora, teu tigin kana kawajiban.
  • Tambelar : Ngabaekeun kana kawajiban
  • Telenges : Gangas, resep nganiaya, teu boga rasa karunya.
  • Tulaten : Genten, titen, henteu lalawora dina ngurud gawe.



  • Wacis : Binekas, pinter atawa binangkit.
  • Wandu : Awewe nu tingkah lakuna siga lalaki.
  • Wani : Sanggup nyanghareupan sarupaning perkara.
  • Wanter : Sonagar, teu eraan sarta teu dusun.
  • Wijaksana : Pinter tur luhung, sagala rupa ucapan atawa putusanna hasil timbangan pikiran anu daria.


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Kamus Sunda A Sampai W

Posting Komentar